B. Daerah

Pertanyaan

Arti novel dalam bahasa sunda

1 Jawaban

  • Novel nyaeta karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa nyaeta prosa modern jeung prosa buhun. Novel kaasup kana prosa modern. Conto prosa modern lianna, salian ti novel, nyaeta carita pondok atawa carpon. Sedengkeun conto prosa buhun nyaeta saperti dongeng jeung carita wayang. Ciri utama novel nyaeta eusi carita panjang, palakuna loba, jalan caritana biasana kompleks.

    Pembahasan

    Eusi carita novel biasana mangrupa carita fiksi.  Sanajan eusi carita novel mangrupa carita fiksi, eusi carita novel biasana asup kana akal, henteu siga dongeng anu eusi caritana pamohalan atawa teu asup kana akal. Aya oge novel anu caritana dumasar kana kajadian nyata. Sanajan caritana dumasar kana kajadian nyata biasana eusi carita sok ditambahan ku carita rekaan. Ku panjangna carita novel biasana novel mangrupa buku anu kandel.

    Pelajari lebih lanjut

    • Naon nu dimaksud novel https://brainly.co.id/tugas/8770348
    • Bedana carpon jeung novel https://brainly.co.id/tugas/5406448
    • Naon bedana wawacan jeung novel https://brainly.co.id/tugas/9248331

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : XI  

    Mapel : Bahasa Sunda - Novel

    Bab : 4

    Kode : 11.13.4

    Kata Kunci : Novel nyaeta

Pertanyaan Lainnya