conto paguneman sunda
B. Daerah
diiky
Pertanyaan
conto paguneman sunda
2 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Paguneman nyaeta ngawangkong atawa ngobrol dua arah, antar dua urang atawa leuwih, silih tempas, jeung kalimah anu digunakeun dina paguneman ngagunakeun kalimah langsung. Umpama ditilik tina suasanana, aya dua rupa paguneman, nyaeta paguneman resmi jeung paguneman teu resmi. Conto paguneman resmi nyaeta saperti sawala atawa diskusi. Sedengkeun conto paguneman henteu resmi nyaeta saperti ngawangkong jeung babaturan atawa kolot sorangan.
Dina paguneman aya sababaraha aturan anu kudu diperhatikeun, nyaeta anu aya patalina jeung tarik launna sora atawa lafal, luhur handapna sora atawa lentong, pilihan kekecapan anu digunakeun dina paguneman, sarta penjiwaan dina ngalakukeun paguneman. Unsur pilihan kekecapan, dina basa Sunda kaasup anu cukup penting, sabab dina basa Sunda aya dua ragam basa, nyaeta Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma.
Umpama nilik kana jawaban anu geus aya, nyaeta paguneman antara dokter jeung pasien, eta paguneman teh bisa kaharti jeung jelas maksudna. Tapi umpama nilik kana ragam basa anu digunakeun, eta ragam basa teh kurang pas sabab ngagunakeun Ragam Basa Loma. Umumna paguneman antara pasien jeung dokter biasa ngagunakeun Ragam Basa Hormat / Lemes.
Ragam Basa Loma biasa digunakeun pikeun nyarita jeung babaturan anu geus akrab atawa loma. Di handap ieu conto paguneman basa Sunda antar barudak anu geus akrab atawa loma anu ngagunakeun Ragam Basa Loma:
Amir : Kumaha lamun poe Minggu hareup urang ulin, pan poe Senen na urang pere?
Budi : Rek ulin ka mana Mir?
Dedi : Kumaha lamun urang ulin ka Situ Gede?
Budi : Enya atuh alus urang ulin ka Situ Gede, asa geus lila kuring teu ulin ka Situ Gede
Dedi : Urang inditna kudu isuk-isuk ambeh di Situ Gede na bisa lila ulin bari lalayaran jeung botram
Amir : Enya atuh kitu nya urang jadikeun bae ulin ka Situ Gede -
2. Jawaban Anonyme
Fadhil: Punten aa'?
Asep: Wilujeng datang. Hoyong naon kang?
Fadhil: Abdi mah hoyong bubur ayamna. Barapa?
Asep: Salapan rebu Rupiah. Pakai kecap amis?
Fadhil: Enggeus.
Asep: Sambalna dicampur atawa dipisah?
Fadhil: Dipisah aa'.
Asep: Hatur nuhun kang.
Fadhil: Sami-sami aa'.