nurutkeun didep ari purwakanti penting atau heunteu Dina sajak
B. Daerah
zahro67
Pertanyaan
nurutkeun didep ari purwakanti penting atau heunteu Dina sajak
1 Jawaban
-
1. Jawaban AjengHijrah1
Sajak nyaeta hiji karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi anu henteu kauger atawa henteu kaiket ku aturan. Ditilik tina wangun rumpakana, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu kaiket ku aturan jeung puisi anu henteu kaiket ku aturan.
Conto puisi Sunda anu henteu kaiket ku aturan lianna, salian ti sajak, nyaeta saperti mantra, pupujian, jeung kawih. Sedengkeun conto puisi Sunda anu kaiket ku aturan nyaeta saperti guguritan, wawacan jeung sisindiran. Guguritan jeung wawacan kaiket ku aturan pupuh. Sedengkeun sisindiran kaiket ku aturan sisindiran.
Sanajan sajak henteu kaiket ku aturan, dina nyieun sajak aya unsur-unsur anu perlu diperhatikeun sangkan sajak anu dijieun alus jeung endah. Unsur-unsur anu perlu diperhatikeun dina waktu nyieun sajak nyaeta unsur tema, suasana, imaji, simbol, pilihan kecap anu merenah tur endah saperti anu ngandung wirahma, murwakanti jeung gaya basa.
Jadi, purwakanti teh mangrupa bagian tina unsur pilihan kecap anu merenah tur endah, kusabab kitu tangtu purwakanti teh penting pisan dina sajak. Purwakanti nyaeta padeukeutna sora antara kecap-kecap anu aya dina hiji karya sastra wangun puisi, saperti sajak.
Aya dua rupa purwakanti, nyaeta anu disebut purwakanti rantayan jeung purwakanti runtuyan. Anu disebut purwakanti rantayan nyaeta purwakanti antar kecap-kecap anu aya dina hiji padalisan. Sedengkeun anu disebut purwakanti runtuyan nyaeta purwakanti antar kecap-kecap anu aya dina antar padalisan.